![]() |
| Ceuk Si Kabayan "hirup mah heuheuy jeung deudeuh" |
"Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak téh capé ? Ari manggih pudunan, hayoh kalah ceurik jiga nu susah, padahal kami mah bungah, sabab leumpang gé ngareunah teu matak capé. Henteu siwah mah silaing téh ?"
Ceuk Si Kabayan
"Ah, teu gelo teu sing. Silaing wé nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan téh, kami mah nyaho mun geus nanjak pasti manggih pudunan. Pan lain matak bungah éta téh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab yakin sanggeus béak pudunan, pasti bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak téh? Nu matak tong héran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan."
Tags:
Bobodoran
