Carpon Baheula - Nganteuran ka Kasawah




Nganteuran
Tina: Babalik pikir Ku: Samsudi.

Kira wanci rumangsang Ambu Ãˆméd geus réngsé nyanguna. Sangu keur nganteuran Pa Ãˆmed geus diwadahan kana boboko ditumpangan ku deungeuna, kayaning : pais peda dibulen ku daun waluh, pais oncom disurawungan, sambel cengék diwadahan kana cempring, terong bogor beunang meulahan jeung seupan saladah. Cai téhna geus sadia sateko, panas kénéh pisan.

Èméd, Ãˆméd ! cek indungna, " Geura anteuran bapa sia, ieu geus sadia kéjona, meungpeung haneut !"

Teu némbalan .... 

" Ih, na ka mana losna umat téh ? cek indungna, " keun sia moal dibéré nyatu, ari mumul ditihah mah !" 

"Hoyah ! da ieu kuring mah, cek si Ãˆméd bari norojol ti goah, ngomongna rada ngosom da sungutna sambutut ku cau.

"Si nurustunjung ! cek indungna, "biasa naker sia mah ari geus kakaratak ka goah téh. Cau jualeun deuleu. Geura jig buru-buru anteuran bapa sia, ieu kéjona meungpeung haneut ! cek indungna.

"Ari kuring geus dipangnimbelkeun ema ?!! cek si Ãˆméd

Lah maké jeung kudu teuing nimbel, atuh nyoro baé ti bapa sia, da gedé kéjo mah ! cek indungna.

"Leuh, geuraheun teuing meunang nyoro ! da sok béakeun jeung ongkoh bapa mah sok gegelendeng ari kuring nyoro kéjo téh, majarkeun téh : Sia mah kalah ka nyatu baé, di imah ongkoh di sawah ongkoh, ari kana gawé mah luhad-lahed".

"Seug atuh ku aing dipangnimbelkeun, tapi sia kudu tuluy mantuan ngaseuk, nya ? Ulah nyiar pikakeuheuleun bapa sia, ambéh engké ari lebaran dipangmeulikeun baju alus.

"Is, atuh puguh baé, " jawab si Ãˆméd bari mésem.

Indungna léos ka dapur, tuluy nimbel sagede tuur, bungkusna daun cau manggala beunang ngaleumpeuh.

"Héh, ieu Ãˆmed timbel téh, jig buru-buru geura indit !' cek indungna.

"Har na mana deungeunna jeung lalabna keur kuring ema ?!!

" Edas sia mah, atuh ménta ka bapa sia " cek indungna.

"Ah, moal dibéré ménta ka bapa mah da cedik" cek si Ãˆméd.

Indungna Ã©léh déét, tuluy meuleum jambal dua keureut jeung peuteuy sapapan. Sanggeus asak tuluy dibungkus.

"Héh, ieu Ãˆméd, deungeun kéjona ! cek indungna. "Engké sia di sawah ulah nyoro ka bapa sia nya ?!!"

"Moal," jawab si Ãˆméd. 


Post a Comment

Please Select Embedded Mode To Show The Comment System.*

Previous Post Next Post