Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang



Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang

Sasakala Situ Cikuda

Di tutugan gunung Manglayang aya situ harieum jaba jauh ti lembur baréto mah matak langka pisan kasaba. Cinyusuna aya sababaraha liang. Caina hérang ngagenyas, tara kungsi saat sanajan halodo ogé. Tatangkalan anu aya di lebah tonggoh tara diganggu, sabab Ã©ta mah sumber cai.

Dina hiji poé aya nu rék ngamandian kuda, kuda tunggangan alus pisan. Jigana mah nu nungtunna malaweung. Kuda téh leupas, berengbeng lumpat ka kulon hihieuman. Tariking cilaka Ã©ta kuda tikoséwad di lebah lamping beulah kulon, gebrus waé. Jelema daratang, tapi ari ancrub mah taya nu wanieun. Sabab lebah dinyamah jero pisan. Tungtungna Ã©ta kuda téh paéh titeuleum.

Ti harita Ã©ta situ dingaranan Cikuda. Malah lembur nu euyeub aya disabudeureun ogé katelahna teh lembur Cikuda. Dicutat tina buku Piwulang Basa 4c. Drs. Tatang Sumarsono-Drs. Taufik Faturohman. Gegersunten-Bandung 1991

Post a Comment

Please Select Embedded Mode To Show The Comment System.*

Previous Post Next Post